Kamis, 05 Februari 2015

MAKALAH PARGAULAN BEBAS DI KALANGAN RUMAJA

MAKALAH PARGAULAN BEBAS DI KALANGAN RUMAJA


BAB I
BUBUKA
A.    Kasang Tukang
Di jaman kiwari pergaulan bébas seueur pisan di kalangan rumaja anu asal muasalna tina eksploitasi séksual di média masa saperti video clip, majalah, TV jeung film-film. Éta téh ngadorong para rumaja ngalakukeun séks dina umurna anu alit kénéh. Ninggali tampilan atawa tayangan séks di media masa, para rumaja nganggap séks téh nyaéta samacam anu bébas dilakukeun ku saha ogé jeung di mana waé.
Kusabab kitu, simkuring saparakanca hoyong ngabahas téma “Pergaulan Bébas Rumaja Jaman Ayeuna.” Dina ngabahas téma ieu, simkuring saparakanca mikaharep téma ieu tiasa dijadikeun pedoman anu positif.

B.     Rumusan Masalah
1.      Naon anu disebut pergaulan bébas?
2.      Faktor naon waé anu ngadorong pergaulan bébas?
3.      Kumaha cara pencegahan pergaulan bébas?
BAB II
PEDARAN
A.    Pergaulan Bébas
Pergaulan bébas sering diartikeun hal anu négatif saperti séks bébas, narkoba, kahirupan peuting, jst. Pergaulan bébas téh nyaéta salah sahiji bentuk perilaku menyimpang. ‘Bébas’ nu dimaksud nyaéta ngaliwatan batas-batas norma nu aya di masarakat.
Urang sering ngadangu pergaulan bébas di lingkungan atawa média masa. Seueurna kasus panyakit HIV atawa AIDS di kalangan barudak rumaja téh salah sahiji akibat pergaulan bébas, kitu deui obat-obatan narkoba. Ayeuna pergaulan bébas di kalangan rumaja tos seueur tarutama di kota-kota ageung, kusabab kurang bimbingan jeung perhatian ti orang tua.
B.     Faktor anu Ngadorong Pergaulan Bébas
Faktor-faktor anu ngadorong pergaulan bébas di kalangan rumaja nyaéta :
1.      Kurangna bimbingan jeung perhatian ti orang tua
2.      Gaul jeung réréncangan anu teu Saumur
3.      Dampak négatif tina perkembangan IPTÉK
4.      Teu aya bimbingan kapribadian ti sakola
5.      Kurang ngabogaan dasar-dasar agama
6.      Teu aya média panyalur bakat jeung hobi
C.    Cara Pencegahan Pergaulan Bébas
Cara pencegahan pergaulan bébas salah sahijina nyaéta pencegahan ti diri masing-masing, nyaéta :
1.      Ngajaga kasaimbangan pola hirup, nyaéta perluna rumaja diajar disiplin ku ngatur waktu, émosi, énérgi sarta pikiran nu saé tur mangpaat.
2.      Jujur ka diri sorangan, nyaéta supaya sadar dina dasarna tiap individu hoyong nu pangsaéna kanggé diri masing-masing, sahingga pergaulan bébas tiasa dijauhkeun.
3.      Ngarubah cara komunikasi jeung batur, sahingga ngabina hubungan saé jeung masarakat.
4.      Perluna rumaja mikirkeun masa depan.
Salian usaha ti diri masing-masing, sabenerna pergaulan bébas tiasa dicegah lamun tiap orang tua jeung anggota masarakat ngiring berperan aktif dina ngamotivasi nu positif sarta masihan sarana jeung prasarana nu dibutuhkeun rumaja dina proses karumajaanana sahingga sagalana jadi mangpaat dina kahirupan tiap rumaja.

Pergaulan bébas sanés hal anu bisa disebut pergaulan anu saé tur bener. Kusabab kitu, urang kudu waspada dina hal bergaul jeung milih réréncangan anu saé kanggé kahirupan urang. Pergaulan anu saé nyaéta cerminan ti réréncangan anu saé ogé. Kasalahan dina ngagaul bisa ngajerumuskeun saha waé jeung iraha waé. Ku kituna kudu aya kamandirian jeung kasadaran tina saha idéntitas diri urang nyalira jeung tong salah gaul.

sumber
Comments
0 Comments

0 komentar:

Posting Komentar